Senin, 10 Oktober 2011

Situs Sajarah Eungap ku Haseup Pabrik


Nalika urang ngailwat jalan Cipatat Kab. Bandung Barat ka Cianjurkeun urang bakal manggihan kontur jalan anu bulak-bélok tur mudun. Sapanjang jalan urang disuguhan ku rupa-rupa tetempoan. Aya nu matak reueus kana haté, aya nu matak pikabetahan, pikabitaeun, aya ogé nu matak pikamelangeun, matak inggis ninggali. Sapanjang jalan mun urang neuteupna rada dangah, urang bakal nempo gunung kapur ting jalegrig matak waas. Ngan mun urang nataan disisi-sisi jalan, salian ti loba imah nu jadi toko oléh-oléh, ogé loba pabrik kapur, nu loba ngaluarkeun kokotor mangrupa haseup hideung nu ngelun.
Mudun rada ka handap, di belah katuhu bakal kaliwatan hiji jalan batu nu mudun, dipapaés ku gapura basajan. Diluhureun éta gapura aya tulisan maké hurup latén jeung aksara sunda anu unina “Selamat Datang Di Cagar Budaya Gua Pawon”. Geuning diantara gunung-gunung batu nu tuluy dikerukan téh aya situs, cagar budaya Gua Pawon. Demi tempatna mun dijugjug ku leumpang mah rada jauh ti jalan téh kira-kira 2 KM. tapi akses ka Gua Pawon geus bisa maké kandaraan.
Gua Pawon aya di 601 meter dpl, tempatna di pasir Pawon, tempat ngalaan batu kapur, Desa Gunung Masigit, Goa Pawon, Kabupaten Bandung Barat, Kecamatan Cipatat, Padalarang. Demi ieu wewengkon téh barétona mangrupa pasisian situ Bandung (Danau Bandung Purba), anu dina mitos masarakat aya pakuat pakaitna jeung carita Sangkuriang katut sasakala Gunung Tangkuban Parahu. Numutkeun panalungtikan A.C De Yong jeung G.H.R. Von Koenigswald taun 1930-1935, di wewengkon pasir Pawon ieu kapanggih pakakas jaman baheula nu dijieun tina batu saperti gondéwa, péso, batu asahan ti jaman Preneolitik.
Ieu Gua di cagar budaya kacida pentingna sabab ngébréhkeun kumaha urang Sunda mimiti jaman harita. Ayeuna cagar budaya ieu diurusna ku Pamaréntah Kab. Bandung Barat. Numutkeun Dede Yusuf (Wakil Gubernur Jawa Barat) manéhna meunang usulan ti pamaréntah pusat yén Gua Pawon téh baris diusulkeun jadi cagar alam warisan dunya ka UNESCO. “Provinsi Jawa Barat menyambut baik usulan yang disampaikan pemerintah pusat melalui Kementran Kebudayaan dan Pariwisata. Artinya, situs Gua Pawon menjadi cagar alam warisan dunia” cék Dede Yusuf (Kompas.com 22/4).
Urang salaku masarakat Sunda tangtu  bungahna saupama éta situs jadi warisan cagar budaya dunya. Sabab tangtu wewengkon sabudeureun Gua Pawon bakal diurus kalayan apik, dibebenah jadi leuwih éndah. Mun urang nempo kaayan ayeuna, wewengkon sabudeureun Gua Pawon téh kumuh ku aktifitas penambangan batu kapur. Gunung kapur nu piuh ku sajarah ieu tuluy dikerukan ku jalma anu ngan hayang kauntungan pribadi hungkul.
Wacana kari wacana, geus loba kajadian jangji ti pamaréntah nu bolay. Mimitina siga enya-enya daria merhatikeun pangwangunan, tapi tara aya léngkah satuluyna anu signifikan. Urang tangtu ngaharepkeun kajadian model kieu teu karandapan ku situ Gua Pawon. Salah sahiji situs penting nu aya di alam dunya nu nyaritakeun kahirupan urang Sunda jaman baheula. Kacida bagjana mun ieu Gua Pawon jadi warisan dunya, dimumulé diriksa ku balaréa. Moal siga ayeuna, Gua Pawon remen “kabesékan” ku haseup nu ngelun ti pabrik kapur, remen “ngocéak” nempo dulur-dulurna dikerukan ku jalma nu teu maduli kana kaéndahan jeung kalestarian alam.